Kamis, 21 Januari 2010

BIOGRAFI Oto Iskandar Dinata


Rata KiriLALANANG TI BOJONGSOANG
Dibabarkeun kaping 31 maret 1897 di desa bojongsoang Kabupaten bandung. dipaparin jenengan Oto Iskandar Dinata. Putra Bapa Raden Haji Rahmat Ada sareng Ibu Raden Siti Hatidjah teh sadayana aya dalapan,Oto putra katili.
Raden Haji Rahmat Adam nu memeh ibadah Haji,jenengannana teh Raden Natarja lurah Desa Bojongsoang,Onderdistrik Buahbatu,Distrik UjungBerung Afdeling/Kabupaten Bandung. Bojongsoang tug tepi ka kiwari para ka sepuhannana mah arapal persis ka kulawarga juragan haji, ramana pak Oto.cindeukna nu di kenal masarakat sajaba ti wedi asaihna ka sasama,akur sauyunan kulawarga juragan haji.eta kulawarga teh ti luhurna terahing Ratu Rembesing Kusumah,tetesan AndanaWarih.jd Oto teh lalanang ti Bojongsoang diasuh tur di ageungkeun di tengah-tengah kulawarga menak Sunda. Jaman sakola di HIS kelas 7 BanjarNagara Jawa Tengah,Oto kapentang jamparing asih,asmara mekar di jawa,dugi ka prukna pisan sareng mojang geulis jenengan Raden Roro Soekirah,Putra R.Martodiwiryo,asisten wadana Banjarnagara.lalanang ti bojongsoang repok jodo sareng wanoja banjarnagara.Gusti maparin sawelas calon generasi penerus,tujuh istri,opat pameuget,cikalna nu sohor Sentot Iskandar Dinata Tankenang Pati.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bapa,bagaimana caranya jika kita ingin menyisipkan gambar pada posting yang akan saya buat.........????????