Jumat, 22 Januari 2010

PUPUH

RASA KADUHUNG


Bongan diri popohoan
nuturkeun pangajak nafsu
lir anu teu eling
heunteu ngawaro kana papatah
antukna jadi kaduhug

Karasana nya ayeuna
di jarauhan ku batur
taya anu nolih
tamaha bongan sorangan
tadina hirup adigung

Kabatur resep ngahamoas
asa aing uyah kidul
nu lian mah leutik
sok ngarasa pangakangna
bentik curuk balas nunjuk

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bapa,bagaimana caranya jika kita ingin menyisipkan gambar pada posting yang akan saya buat.........????????