Jumat, 15 Januari 2010

PIDATO

Bismilahhir rohmanir rohim,

Assalamu'alaikum Wr.Wb
Langkung tipanyun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasangem dina ieu acara.hapunten anu kasuhun,saupami dina ieu biantara pamapag aya pisanggem anu kirang merenah,boh basana boh tatakramana.
Bapa kapala sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru,
Kitu deui sakumna relrencangan sakola,
Dina ieu waktos urang sadaya ngempe teh nyaeta bade mieling dibabarkeunna Ibu Raden Dewi Sartika,Nembe oge ku saderek Ketua Panitia parantos di dadarkeun,naon margina di sakola urang di ayakeun ieu acara.Rupina ku simkuring teu peryogi di pedar deui perkawis ete mah,margi katerangan anu kakuping mung bade ngadugikeun pamapag kana lumangsungna ieu acara,minangka wawali ti sakumna siswa.
Acara-acara anu bade di laksanakeun dina waktos ieu teh teu kinten mundelna,sareng teu kinten pentingna.Nembe oge tos ditataan ku sderek ketua panitia,ieu acara teh baris direuah-reuah ku pasanggiri sareng pameran.Tangtosna oge sakumna siswa tiasa ngiring partisipasi saluyu sareng minat masing-masing.
Sim kuring,kalayan siswa asma rengrengngan Pengurus OSIS,seja nghaturkeun nuhun ka parapanitia anu parantos tihothat,ti ngawitan ngararancang dugi kaderna ngalaksanakeun acara dina dinteun ieu.kitu deui ka Bapa Kapala Sakola,Bapa Pembimbing OSIS,Bapa Sareng Ibu Guru sanesna,Katut sareng Bapa/Ibu di tata usaha,sim kuring ngadugikeun haturnuhun ku parantos luntur galihna kersa masihan panuyun sareng ngabimbing para panitia dina ngalaksanakeun pancen.
Hadirin hormateun sim kuring,
Di ayakeunnana ieu acara teh minangka tawis panghormat urang ka ibu Dewi sartika anu sakitu ageng jasana,utamina dina widang pendidikan.jalaran kitu,simkuring umajak ka sadayana,sumangga ieu kagiatan teh urang manfaatkeun pikeun ngarojong cita-cita sareng udagan urang.ka sakumna patandang dina acara pasanggiri,simkuring ngadugikeun wilujeng tandang.hanas eta aya nu hasil janten juara sareng aya anu teu acan hasil,teu kedah dipasualkeun;anagap wae eta teh hiji proses latihan.kitu deui ku di ayakeunna pameran,rupina ku urang tiasa di janteunkeun hiji bahan evalluasi,anu mugi-mugi wae prestasi urang tiasa teras di ronjatkeun.
Sakitu anu kapihatur.Hatur nuhun
Wasalamualaikum Wr.Wb


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bapa,bagaimana caranya jika kita ingin menyisipkan gambar pada posting yang akan saya buat.........????????